naon hartina jawer kotok?
B. Daerah
pitt2
Pertanyaan
naon hartina jawer kotok?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda
Kelas : - (SMP)
Pembahasan :
Jawer kotok hartina nyaeta anu ngarumbai, anu sarupa daging, anu ayana diantara pamatuk jeung beuheung hayam. Eta harti jawer kotok anu sabenerna. Tapi aya oge daun tutuwuhan anu ngaranna jawer kotok. Jewer kotok, dina basa Indonesia disebut jengger ayam. Daun jawer kotok miboga sawatara, diantarana nyaeta pikeun ngubaran abmeien, sambelit, bisul, luka borok, radang usus, jeung panyakit lianna. Dina basa Sunda, kotok hartina hayam.
Tapi kecap kotok henteu pati dipikawanoh di daerah Sunda saperti Priangan. Urang Sunda Priangan sering nyebut jeung nyaho naon anu dimaksud "tai kotok", nyaeta tai atawa kotoran hayam. Tapi loba urang Sunda Priangan anu teu nyaho yen kotok teh hartina nyaeta hayam. Buktina, di Priangan nepika aya tatarucingan "Sato naon anu taina aya tapi satona euweuh", cenah jawabanana nyaeta "tai kotok". Istilah kotok memang leuwih dipikawanoh di daerah Banten.