naon nu dimaksud tatakrama basa sunda teh?jelaskeun!
B. Daerah
DaffaFakhri
Pertanyaan
naon nu dimaksud tatakrama basa sunda teh?jelaskeun!
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Tatakrama Basa Sunda nyaeta aturan anu aya dina ngagunakeun basa Sunda sacara merenah. Saperti kumaha carana ngagunakeun basa Sunda anu lemes atawa kasar, jeung sjabana ti eta. Baheula mah istilah Tatakrama Basa Sunda teh disebutna Undak-usuk Basa Sunda. Dina Undak-usuk Basa Sunda kungsi aya nepi ka dalapan tingkatan atawa ragam basa, nyaeta genep ragam basa Sunda lemes jeung dua ragam basa Sunda kasar atawa loma.
Tapi kiwari dina Tatakrama Basa Sunda geus sacara resmi ditangtukeun yen ragam basa anu aya nyaeta ngan saukur dua ragam basa. Dua ragam basa anu aya dina Tatakrama Basa Sunda nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Ragam Basa Hormat / Lemes biasa digunakeun pikeun nyarita jeung anu saluhureun atawa jeung anu dipikahormat. Sedengkeun Ragam Basa Loma biasa digunakeun pikeun nyarita jeung jalma anu geus akrab, saperti jeung babaturan anu geus akrab.
Kiwari istilah Undak-usuk Basa Sunda geus sacara resmi diganti ku istilah Tatakrama Basa Sunda, sabab istilah Undak-usuk Basa Sunda miboga kesan leuwih feodal dibandingkeun jeung Tatakrama Basa Sunda. Dina Ragam Basa Hormat / Lemes aya dua ragam basa lemes, nyaeta ragam basa lemes pikeun diri sorangan atawa sahandapeun, jeung ragam basa lemes pikeun batur anu saluhureun atawa anu dipikahormat. Sedengkeun dina Ragam Basa Loma teu aya beda antara basa kasar pikeun ka diri sorangan jeung basa kasar pikeun ka batur.