Saméméh nulis biantara, alusna mah dijieun heula rangkayna, pangpangna mah bagian eusina. Naon sababna?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Biantara
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Tujuan dijieun rangkay biantara nyaeta supaya urang nyaho bagian naon wae anu rek dijieun dina hiji biantara. Rangkay hiji biantara aya hubunganana jeung carangka susunan biantara. Carangka susunan biantara nyaeta salam bubuka, pangbagea, bubuka, eusi, panutup jeung panutup.
Dina carangka susunan biantara anu pangpentingna nyaeta eusi. Sabab eusi aya patalina jeung unsur-unsur biantara. Unsur-unsur biantara nyaeta nu nepikeun biantara, bahan/materi biantara, objek atawa anu ngaregepkeun biantara, jeung tema biantara.
Umpama salahsahiji unsur biantara teu aya, tangtu biantara teh jadi euwwuh hartina. Bagian eusi biantara mangrupakeun bagian anu palin penting sabab ayana unsur bahan/materi biantara jeung tema biantara teh ayana dina bagian eusi biantara.
Biantara nyaeta nepikeun caritaan atawa kedalan di hareupeun jalma loba anu naskahna disusun sacara merenah tur rapih. Ditilik tina suasanana aya dua rupa biantara, nyaeta biantara resmi jeung biantara teu resmi. Komunikasi nu aya dina biantara umumna saarah atawa monologis.
Kusabab komunikasi nu aya dina biantara umumna saarah atawa monologis, biantara biasa direspon ku anu ngaregepkeunna ngan ku saukur unggeuk, godeg, seuri atawa keprok. Komunikasi nu saarah atawa monologis teh utamana dina biantara resmi.
Umpama dina biantara teu resmi kadang-kadang aya ujug-ujug komunikasi tanya jawab atawa komunikasi dua arah antara nu ngaregepkeun biantara jeung anu nepikeun biantara, tapi eta gumantung kana suasanan. Tapi sacara umum komunikasi nu aya dina biantara nyaeta saarah atawa monologis.
Kata Kunci : Rangkay biantara, unsur biantara, susunan biantara, eusi