B. Daerah

Pertanyaan

jentrekeun naon nu dimaksud prosa

1 Jawaban

  • Prosa nyaeta hiji rupa tulisan anu dibedakeun jeung tulisan wangun ugeran atawa puisi. Prosa dibedakeun jeung tulisan puisi sabab prosa miboga bahasa anu leuwih saluyu jeung harti leksikal atawa harti nu aya dina kamus. Kecap prosa asalna tina basa latin nyaeta "prosa" anu hartina sarua jeung "terus terang". Wangun tulisan prosa biasana digunakeun pikeun ngajelaskeun hiji fakta atawa ide, kusabab kitu prosa sok bisa digunakeun pikeun surat kabar, majalah, novel, carota pondok, surat, dongeng, jeung sajabana ti eta.

    Umpama karya satra wangun puisi sok disebut karya sastra wangun ugeran, karya sastra wangun prosa sok disebut oge karya satra wangun lancaran. Aya dua rupa karya sastra wangun prosa atawa wangun lancaran, nyaeta anu disebut prosa buhun jeung prosa anyar atawa prosa modern. Conto karya sastra wangun prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun karya sastra wangun prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa disingkat carpon.

    Sanajan henteu persis pisan, ciri-ciri atawa bedana prosa buhun jeung prosa modern, sacara umum bisa diwakilan ku bedana dongeng jeung carpon. Di handap ieu dijentrekeun bedana dongeng jeung carpon:

    1. Dongeng biasana miboga eusi nu mangrupa carita khayal, sedengkeun carpon eusina bisa mangrupa carita khayal atawa oge carita nyata.
    2. Dongeng kaasup kana carita prosa buhun, dongeng biasana anu nulisna anonim, eusina biasana nyaritakeun kahadean anu ngalawan kajahatan, jeung sifatna statis. Sedengkeun carpon kaasup kana carita prosa modern, carpon biasana anu nulisna jelas, temana biasana leuwih bebas, jeung miboga sifat anu dinamis.
    3. Saluyu jeung ciri-ciri lianna nu aya dina prosa buhun, carita dongeng biasana mangrupa istana sentris, miboga sifat-sifat nu aya dina karajaan, fantastis, sarta dipangaruhan ku sastra Hindu jeung sastra Arab. Carpon oge saluyu jeung ciri-ciri lianna nu aya dina prosa modern, carita dina carpon biasana mangrupa rakyat sentris, bahanna mawa tina kahirupan nu aya di rakyat sakitar, realistis, sarta dipangaruhan ku sastra barat.
    4. Carita khayal dina dongeng oge biasana sok leuwih loba bohongna jeung pamohalan, saperti aya sato nu bisa ngomong, sedeungkeun carita dina carpon lewuih logis sarta realistis ti batan carita nu aya dina dongeng.
    5. Biasana palaku dina dongeng bisa naon wae, saperti umpamana bisa jelema, barang, tutuwuhan atawa oge sato, sedengkeun palaku nu aya dina carpon biasana ngan jelema wungkul.

    Dina puisi oge aya karya sastra anu eusina mangrupa carita saperti prosa, nyaeta saperti wawacan jeung carita pantu. Umpama ditilik tina eusina, aya dua rupa puisi, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sisindiran, mantra, guguritan, sajak jeung kawih.
    Tapi sanajan dina puisi Sunda oge aya karya sastra anu eusina mangrupa carita, nyaeta wawacan jeung carita pantun, eta karya satra teh beda jeung karya sastra wangun prosa. Sabab saperti dina wawacan, sanajan wawacan eusina mangrupa carita, rumpaka atawa kekecapan anu aya dina wawacan kaiket atawa kauger ku aturan, nyaeta aturan pantun. Sanajan wawacan eusina mangrupa carita, rumpaka wawacan wangunna tetep wangun ugeran atawa wangun puisi anu beda jeung wangun prosa anu bebas jeung terus terang. Jadi wawacan, sanajan eusina mangrupa carita, tetep henteu bisa disebut karya sastra wangun prosa.

Pertanyaan Lainnya